Cunduk kana waktu, brol Lembu Wulung ngajuru orokna manusa. Awewe. Mulus pakulitanana, geulis rurupaanana. Moncorong cahayana kawas bulan opat belas. Ku kituna, orok teh dingaranan bae Nyi Kalimar Bulan.
Jep jempe. ngaheneng. Ukur sora napas ngaheruk nu kadenge teh.